LAPORAN HASIL WAWANCARA BASA SUNDA


PANGANTER

Puji sinareng sukur urang panjatkeun kahadirat Allah SWT,
anu mana parantos masihan rahmat sareng karuniana, sangkan panulis bisa ngarengsekeun laporan wawancara basa sunda.
Panulis nyadar rengsena laporan ieu teh lain ku sorangan tapi
seeur bantosan ti rekan-rekan, sangkan kitu panulis ngahaturkeun
nuhun kasadaya pihak anu tos ngabantosan panulis dina
ngarengsekeun laporan ieu.
Kritik sareng saran anu sipatna ngabangun nyampurnakeun
ieu tugas, anu di harepkeun sangkan leuwih alus, boh dina panulisan
boh dina pamikiran keur nyampurnakeun tugas ieu kaharepna deui.
Panulis ngahaturkeun nuhun ka Bapa Nano Setiono salaku guru
basa sunda, sareng ka Ibu Yayah Rukiyah salaku narasumber.


                                                      Cikijing, 15 November 2012
                                 
   
                                                                    Panulis  


















DAPTAR EUSI

Panganter…………………………………………….........................................................1
Daptar Eusi…………………………………......................................................................2
Daptar Patanyaan…....…………………............................................................................3
Teori Wawancara……………………………....................................................................4
Hasil Wawancara…………...……….................................................................................5
Hasil Laporan…………………….....….............................................................................7
Dokumentasi…………….......….……...............................................................................8





































TEORI WAWANCARA

Wawancara nyaeta hiji kagiatan komunikasi anu geus ilaharna lumangsung di masyarakat. Ngan teu kabeh masyarakat sok ngahajakeun saban waktu ngawawancara. Wawancaranah biasana di lakukeun ku wartawan atawa sajabana.
Wawancara mah ka asup kagiatan nyarita dua arah, aya nanya jeung aya ngajawab. Samemeh ngalakukeun wawancara urang perlu tatahar heula sabaraha hal anu dianggap perlu disadiakeun. Kalimah tanya anu disusun ku urang ulah panjang teuing, mun bisa mah parondok jeung togmol ( langsung ) kana sasaran.
Diantarana saperti kieu :
-         Keur kaperluan naon ?
-         Naon wae nu ditanyakeunana ?
-         Saha anu rek ditanya ?
-         Kamana kudu nepunganana ?
-         Iraha waktuna ?

Kalimah tanya jadi bahan pikeun urang dina waktu geus tepung jeung narasumber. Narasumber jalma nu baris dipenta kateranganana, oge bisa rupa-rupa gumantung kana kaperluan pananya. Upama perlu informasi ngenaan kasenian, pendidikan, olah raga, kitu wae satuluyna.   
























DAPTAR PATANYAAN
Ø Dupi nami ibu saha ?
Ø Yuswa ibu sabaraha taun?
Ø Tos sabaraha tahun janten bidan ?
Ø Ti taun sabaraha di angakat janten pegawai ?
Ø Visi misi ibu naon wae ?
Ø Salain di Desa ieu, ibu dinas dimana deui ?
Ø Tugas janten bidan teh naon wae ?
Ø Kabanggaan janten bidan teh naon ?
Ø Seusah senengna janten bidan teh naon ?
Ø Pangalaman naon wae nu di alaman ku ibu salama janten bidan?
Ø Naon wae kendala anu pernah di alaman ku ibu salami janten bidan ?
Ø Pami dinas kaluar, bisana dimana wae ?
Ø Kira-kira aya sabaraha anak umur 0-5 sareng ibu hamil anu aya di desa ieu ?
Ø Panyawat naon wae nu sering di alman ku ibu hamil?
Ø Panyawat parah naon nu pernah  di alman ku bayi?
Ø Kumaha minat masyarakat kana progran KB ?
Ø Kumaha lamun pasien anu teu gaduh biaya ?
Ø Naon wae kiat-kiat pamarentah kanggo ningkatkeun kasehatan masyarakat ?
Ø Kumaha kiat-kiatna sangkan urang jauh tina panyakit ?












HASIL WAWANCARA

Siswa                           : Assalamu’alaikum Wr. Wb.
Narasumber                 : Wa’alaikum salam
Siswa                           : Punten bu tiasa nyungkeun waktosna sakedap, abdi sareng  rerencangan gaduh
  pancen ti guru Basa Sunda kanggo ngawawancara. Manawi ibu kersa
  diwawancara ?
Narasumber                 : Muhun magga neng
Siswa                           : Punten pami jenengan ibu teh saha ?
Narasumber                 : Ibu Yayah Rukiyah
Siswa                           : dupi yuswa ibu sabaraha  ?
Narasumber                 : 34 tahun
Siswa                           : Tos sabaraha tahun janten Bidan ?
Narasumber                 : Ibu janten Bidan ti taun 1997 janten kirang leuwih tos 15 taun ibu  janten
  bidan teh
Siswa                           : Ti taun sabaraha ibu di angkat janten pegawei?
Narasumber                 : Ibu janten PNS mah taun 2008
siswa                           : Visi misi ibu naon wae ?
Narasumber                 : Saleresna mah panggilan hate we neng, ibu hoyong nulungan  sasami jalmi anu
                                      meryogikeun tanaga ibu di bidang kasehatan. Teras masa depan janten bidan teh
  insyaallah cerah
Siswa                           : Salain di desa ieu, ibu dinas dimana deui ?
Narasumber                 : Di puskesmas Cingambul
Siswa                           : Bu, dupi Tugas janten bidan teh naon wae ?
Narasumber                 : Nya tugas utama na mah posyandu, ngabantos anu persalinan, marios ibu hamil,
                          bayi, balita, batita, masihan penyuluhan ka  pasien-pasien, jsb.
Siswa                           : Kabanggaan janten bidan teh naon ?
Narasumber                 : Ibu bangga janten bidan teh, lantaran tiasa nulungan papada jalmi terutamina
  ibu hamil sareng bayi
Siswa                           : Susah seneng na janten bidan teh naon?
Narasumber                 : Seneng na mh ibu tiasa nulungan papada jalmi,tiasa ngabantosan lahiran. Susah
  namah lamun tos aya pro kontra ti masyarakat. Jadi bidan mah tong sieun ku
  getih, ulah bauan, kedah tahan banting sareng kedah siap 24 jam.
Siswa                           : Pangalaman naon wae anu kantos ku ibu salami janteun bidan ?
Narasumber                 : Pangalaman mah seeur nyaeta, sering latihan progam kasehatan contona,
  pemberantasan penyakit, imunisasi, KB, teurus sering keliling kecamatan.
Siswa                           : Naon wae kendala janteun bidan teh?
Narasumber                 : Kendalana nyaeta, ibu gaduh elmu tapi fasilitas ti pamarentah na terbatas, teu
  can ka cukupan
Siswa                           : Kira-kira aya sabaraha anak umur 0-5 sareng ibu hamil anu aya di desa ieu ?
Narasumber                 : Di desa ieu kirang langkung aya 400 anak umur 0-5 taun, sareng 50 urang ibu
  Hamil.
Siswa                           : Panyawat naon wae nu sering di alman ku ibu hamil?
Narasumber                 : Panyawat nu seseuernamah ibu hamil anu ngidamna parah, darah tinggi, darah
  rendah, jsb
Siswa                           : Panyawat parah naon nu pernah  di alman ku bayi?
Narasumber                 : Panyawat parah bayi mah kirang gizi
Siswa                           : Kumaha minat masyarakat kana program KB ?
Narasumber                 : Alhamdulillah minat warga masyarakat urang kanu program KB sae pisan.  Siswa                           : Bu, kumaha pami aya pasien anu teu gaduh biaya?
Narasumber                 : Da tos aya jamkesmas ti pusat, dana na aya ti pamarentah kabupaten, janteun
  mayarna gratis asal nyandak KTP sareng kartu kaluarga
Siswa                           : Naon wae kiat-kiat pamarentah kangge ningkatkeun kasehatan masyarakat?
Narasumber                 : Kiat-kiat na nyaeta nyadiakeun fasilitas kasehatan di puskesmas atawa rumah
  sakit, minimal pamarentah promosi kasehatan supaya masyarakat teh sadar yen
  kasehatan teh penting
Siswa                           : Bu, kiat-kiat naon wae sankan urang jauh tina panyawat?
Narasumber                 : Kiat-kiat na salah sahiji na urang kedah ngawasuh panangan
  pami bade tuang, ngajaga stamina, tuang tuangeun anu sehat, bersih, higienis,
  poko namah ngajaga leuwih alus tibatan ngobatan
Siswa                           : Panginteun sakitu patarosan ti urang sadaya, Hatur nuhun kana waktos na
Narasumber                 : Muhun sami-sami neng.














HASIL LAPORAN
Jejer wawancara          : Susah seneng na janteun bidan
Narasumber                 : Ibu Yayah Rukiyah
Umur                           : 34
Padamelan                   : Bidan
Status                          : Kawin
Istri/caroge                  : Istri
Putra                            : 2 (istri)
Alamat                        : Desa Wangkelang

Ibu Yayah Rukiyah anu yusuana 34 taun najabat janteun bidan desa di desa Wangkelang, anjeun na ngajabat janteun bidan teh 15 taun, ti taun 97 dugi ka ayena, visi misi ibu Yayah teh janteun bidan “panggilan hate nurani na” anjeun na hoyong nulungan sasami jalmi nu meryogikaun tanagina di widang kasehatan.
Salian di desa Wangkelang, Ibu Yayah ngarangkap janteun bidan di puskesmas Cingambul,  pancen janteun bidan  teh nyaeta posyandu, ngabantosan nu ngalahirkeun, marios ibu hamil, bayi, balita, batita, masihan penyuluhan ka  pasien-pasien, jsb.
Ibu Yayah bangga janteun bidan teh, lantaran tiasa nulungan papada jalmi, tiasa ngabantosan anu ngalahirkeun, susah seneng na janteun parawat teh nyaeta seneng namah tiasa nulungan papada jalmi, ari susah namah nyaeta lamun tos aya pro kontra ti masyarakat, janteun bidan mah ulah sieunan ku getih, ulah bauan, kedah tahan banting, sareng kedah siap 24 jam.
Pangalaman ibu Yayah janteun bidan teh seuer pisan di antawisna sering aya pelatihan progam kaehatan supartos pemberantasan penyawat, imuni sasi, KB, sering oge penyuluhan keliling kecamatan.
Kendala janteun bidan teh nyaeta fasilitas-fasilitas ti pamerentah anu terbatas   teu acan ngacukupan.
Di desa ieu kirang langkung aya 400 anak umur 0-5 taun, sareng 50 urang ibu hamil, Panyawat nu sering dialaman ku ibu hamil nyaeta ngidamna parah, darah tinggi, darah rendah, jsb. Panyawat parah bayi mah kirang gizi. Minat warga masyarakat urang kanu program KB sae pisan. 
Pamarentah nyadiakeun kabijakan kanggo masyarakat anu kirang mampu nayeta jamkesmas ti pusat , jadi masyarakat anu kirang mampu mah gratis asal nyandak KTP sareng kartu kaluarga.
Kiat-kiat pamerintah kanggo ningkatkeun kasehatan masyarakat nyaeta nyadiakeun fasilitas kasehatan kanggo masyarakat, minimal promosi kesehatan supaya masyarakat sadar yen kasehatan teh penting.
Kiat-kiat urang sankan jauh dina panyawat nyaeta nganggo masker, ngawasuh panangan, ngajaga stamina, tuang tuangeun anu sehat, bergizi sarta higienis, poko namah ngajaga leuwih alus tibatan ngabotan.


DOKUMENTASI
Image50941.jpg,Image50891.jpg,Image50881.jpg,Image50911.jpg,Image50921.jpg,Rounded Rectangular Callout: Ninda nuju ngajak ameng barudak 
































DOKUMENTASI
Image50981.jpg  









Rounded Rectangular Callout: Difoto sareng ibu bidan



Image50851.jpg

Rounded Rectangular Callout: Difoto sareng         ibu kuwu + ibu umi




Image50991.jpg
Image50841.jpg

Comments

Popular posts from this blog

KUADRAN DAN REGIO ABDOMEN

LAPORAN FISIKA PERCOBAAN PENGUKURAN KONSTANTA PEGAS

LAPORAN PRAKTIKUM TANAMAN JAGUNG